Jaman Edan

Cenah dina jaman edan
Mun urang teu milu edan
Tangtu moal kabagean
Tapi lamun milu edan
Tangtu kaleunngitan iman
eeeee so lali lali
Tangtu kaleungitan iman
eeeee so lali lali

Lantaran ari anu edan
Boro boro eling kapangeran
Boro boro eling kana aturan
Nu puguh mah mawa karep sorangan
Kalakuan sakarep isun
eeeee so lali lali
kalakuan sakarep isun
eeeee so lali lali

Cenah dina jaman edan
Loba anu kokomoan
Loba anu popohoan
Ngudag ngudag kasenangan
Kalakuan jiga setan
eeeee so lali lali
Kalakuan jiga setan
eeeee so lali lali

Pabaliut silih sikut
Silih dudut silih catut
Nu penting sungut samutut
Nu penting beuteung budayut
Awak segut gede hitut
eeeee so lali lali
Awak segut gede hitut
eeeee so lali lali

Kong kalikong gede bohong
Paheuras heuras genggerong
Pasea patorong torong
Itu negong ieu negong
Kalakuan kawas bagong
eeeee so lali lali
Kalakuan kawas bagong
eeeee so lali lali

Benteng akhlak di darupak
Pager iman paburantak
Setan surak ting cakakak
Setan hibut silih sepak
Nu balageur di talipak
eeeee so lali lali
Nu balageur di talipak
eeeee so lali lali

Cenah dina jaman edan
Ka untung untung nu edan
Untung keneh nu ariman
Muntang eling ka pangeran
Sieun kabawakeun edan
eeeee so lali lali
Sieun kabawakeun edan
eeeee so lali lali

Ya Alloh Robbi pangeran
Panto eling pang mukakeun
Panto edan pang nutupkeun
Ditutup ku kasobaran
Dikonci ku kaimanan
Ditutup ku kasobaran
Dikonci ku kaimanan

Comments

Popular posts from this blog

Thing About This !

Do'a Untuk Saudaraku

Curahan Seorang Ibu